Ngeunaan Basa Sunda


Perkawis ieu mah... peryogi ditalungtik kalayan eces.. bilih urang lepat.. anu lami-lami mah.. basa lemes teh tiasa musnah alatan tos tara dianggo deui.
Memang.. basa lemes vs kasar teh.. seueur dilarapkeun dina hubungan menak vs cacah, dunungan vs bawahan. Numutkeun sim kuring mah... anu ku urang tiasa di"leungitkeun" mah.. ngagunakeun "basa kasar" anu maksadna janten ngaleungitkeun sikep langkung "punjul" ti batur/anu diajak cumarios tea -ieu anu disebatkeun "feodal" anu saleresna mah- (upamina: Mang geura mantog! urang leungitkeun.. Cukup: Mang geura balik. Bisa oge langsung make basa lemes: Mang geura mulih we tos sonten, enjing padamelan nana dilajengkeun deui... raraosan mah henteu/moal ngirangan kana kahormatan anu cumariosna, misal Pak Camat nyarios kitu ka padamel kebonna). Anapon migunakeun basa lemes... apanan aya patalina sareng sikep "mihormat" anu dilarapkeunana sanes mung sakadar dina hubungan menak vs cacah, dunungan vs bawahan wungkul, tapi oge dina hubungan murangkalih ka sepuh (sahandapeun ka saluhureun) , murid ka guru jrrd. Dina basa Korea oge, basa kanggo ka Guru, sareng anu yuswana saluhureun (oge ka anu pangkatna saluhureun) teh nya nganggo basa lemes.
Numutkeun sim kuring mah... basa lemes teh dina ngalarapkeun nana aya patalina sareng atikan sopan santun/budi pekerti ... murangkalih ka sepuh, sahandapeun ka saluhureun.. oge murid ka guru. Contona bae, di kulawargi anu biasa ngagunakeun basa lemes : anggota kulawargina biasa saling cumarios ngagunakeun basa lemes : murangkalih: "ema, hoyong emam deui, tadi henteu wareg" emana : "mangga, tapi ulah seueur teuing, bilih kamerekaan". Lamun nganggo basa biasa/rada kasarmah panginten kieu : "ma, lapar keneh, hayang dahar deui nya!" emana : "kop wae, tapi tong loba teuing, bisi kamerekaan".
Kasimpulan ti sim kuring: anu tiasa ku urang nyobian dileungitkeun mah, basa kasar, anapon basa lemes mah, (sanaos peryogi ditalungtik deui!) aya saena kanggo ngatik budi pekerti.

Nyuhunkeun dihapunten...tangtos seueur kalepatan.
(Menta dihampura.. pasti loba kasalahan..)